Panonpoé Léiden Surup

Ku Sinta Ridwan

Lar ngaliwatan gerbang Léiden Centraal, nembus peuting nu diheumpik tiisna angin. Guk-gok jeung jalma-jalma nu lalar liwat narungtun koper. Kuring milih juru halteu pikeun nungguan beus 182, leungeun sidakep na dada, itung-itung ngurangan hawa tiris nu nyecep kana tulang. Tapi percumah, da leuwih tiris manan di La Rochélle, Perancis.

Kuring kakara jol, nyorang jalan darat kira-kira sapuluh jam. Ti La Rochélle tumpak karéta ka Paris tilu satengah jam. Terus kana métro ka terminal beus. Tumpak beus ti Paris tepi ka Amsterdam tujuh jam. Ti Amsterdam ka Léiden kana karéta ampir satengah jam.

Salila di Léiden, maksud téh rék nganjrek di Pa Mien, nu dina jaman Soekarno kungsi kuliah di Rumania tapi teu bisa balik ka Indonesia ku lantaran kajadian 30 Séptémbér 1965. Tuh geuning beusna datang! Berebet lumpat muru beus nu méh baé ninggalkeun nu tingjarentul katirisan.

“Léiden,” kuring ngaharéwos. Salah sahiji tempat impian kuliah atawa panalungtikan. Ti tempat diajar di La Rochelle kénéh gé, geus diniatan ka Léiden téh seja motrétan saloba-lobana naskah kuna ti Indonésia nu disimpen di Perpustakaan KITLV. Tapi samporét. Ari kahayang bisa motrét nu saréa-réana demi ngumpulkeun data digital ngeunaan aksara nu keur kapigawé, sarta maluruh katerangan naskah kuna nu keur ditalungtik.

Di Léiden, aya kampus nu ngadeg ti mimiti abad ka-16. Lulusan-lulusan munggaranna diiangkeun ka wilayah Nusantara pikeun nalungtik sajarah, budaya, masarakat, basa, katut sosial-ékonomi-politikna. Tepi ka awal abad ka-20 teu saeutik para jurutungtik, pagawé jeung koléktor ngumpulkeun artefak sajarah jeung buku-buku tulisan karuhun. Hasilna disimpen di Perpustakaan KITLV.

Dina peuting nu ngadinging, antukna jog ka panganjrekan Pa Mien. Sanggeus amprok tuluy ngawangkong sajongjongan, ngadongéngkeun lalampahan ti La Rochelle tepi ka Léiden. Lian ti Pa Mien, aya dua urang deui nu ngabandungan caritaan téh. Bang Insya ti Balikpapan jeung Pa Koko ti Padang, keur nyokot program doktoral di Léiden.

Srangéngé nu meleték kahalangan ku halimun. Usum muguran nu rék lekasan ngalantarankeun kudu maké papakean nu sing sarwa kandel. Baju haneut tilu lapis ditambah syal jeung sarung tangan. Jung muru puseur kota, nuju ka Perpustakaan KITLV, anu aya di lingkungan kampus.

Kuring nginjeum sapédah ontél Pa Mien. Sajeroning anteng ngaboséh, haté mah guligah, kabungah minuhan dada. Teu bosen-bosen nénjoan tatangkalan nu daunna karonéng maruragan. Angot basa ningali sapi belang hideung bodas mirip nu katempo dina kaléng susu nu remen diinum nalika di Cirebon, baheula keur leutik.

Tepi ka tempat parkir sapédah, mun kongang mah hayang ngagorowok awahing ku atoh. Satengah lumpat asup ka jero téh. Barang sup, teu sirikna sakur nu aya di jero perpustakaan dirampaan. Tuluy daptar jadi anggota kalawan gratis, ditéma diajar cara maca katalog digital pikeun nyalusur naskah-naskah kuna téa. Sajam dua jam manco na layar katalog. Nu kacatet réa pisan.

Hiji-hiji kodeu naskah téh dibikeun ka patugas perpustakaan, sangkan dipangnyokotkeun. Sanggeus ngajagrag turta diidinan, naskah-naskah kuna pesenan téa dipotrétan. Naskah anu disusun dina abad ka-16 nepi ka-19. Leungeun cangkeul balas motrétan gé teu dirasa, lantaran biheung iraha deui meunang kasempetan modél kieu. Di perpustakaan Indonésia mah kapan dicaram motrét téh, komo bari gratis. Angot naskah nu aya di masarakat adat.

Tumali jeung nyimpen tur ngarawat naskah kuna di Indonésia paling henteu aya tilu pasualan. Kahiji, di Indonésia ngan aya dua tempat nu kawilang hadé téh, nyaéta Perpustakaan Indonésia jeung Perpustakaan Kampus Dépok. Kadua, réa kénéh naskah kuna nu dicekel ku masarakat sarta can kacatet museum atawa perpustakaan daérah. Nu katilu, pasualan hawa tropis nu ngajadikeun kondisi naskah (nu dijieun tina bahan alami téh) mingkin téréh ruksak.

Pok nanya tempat neundeun naskah ka patugas. “Di jero
taneuh” walonna. Ari rét ka luar jandéla, “Itu mah pan walungan! Kumaha mun cai walungan rembes ka tempat neundeun naskah- naskah kuna jeung buku-buku ti Indonésia?” Ukur meungpeunan beungeut, teu sanggup ngabayangkeun bank data sajarah Indonésia kakeueum.

Sapoé jeput béak dipaké mesen naskah kuna tina katalog di komputer heubeul di juru rohangan. Nunggu pesenan datang téh paling lila tilu puluh menit. Bari nungguan, macaan buku di rohangan baca. Mun geus ngarasa waktuna cukup, pok nanyakeun pesenan. Méméh pesenan dibikeun, ku patugas dicatet jeung dipariksa deui, sangkan kaluar asup naskah téh rapih. Rék naskah kuna atawa buku wedalan anyar ngeunaan Indonésia, aya. Jorojoy kapikir, mun gawé jadi patugas di ieu perpustakaan, pasti resep.

*

“Basa tadi daptar jadi anggota, patugasna nitah nungguan heula salila dua jam alatan rék rapat?” cék Abdul, pelajar ti Indonésia nu panggih di perpustakaan. Harita téh keur dadaharan di kantin kampus, da wancina istirahat.

“Oh, enya, rapat naon?” kuring malik nanya bari terus nyuruput sop panas nu lumayan bisa ngahaneutan awak.

“KITLV rék tutup!” walonna tandes.

“Baruk? KITLV tutup?” kuring ngarenjag reuwas, nepi ka sendok sop gé bis waé murag.

“Sabenerna nu rék tutup lain lembagana, da risétna mah tuluy jalan, ngan perpustakaanana moal aya. Untung anjeun ka dieuna ayeuna, perpustakaanana can ditutup.”

“Euleuh, kunaon bet ditutup? Naha kapangaruhan ku krisis ékonomi Éropah?”

Ras inget, sababaraha bulan katompérnakeun, Troopenmuseum gé, nu aya di Amsterdam, cenah mah sawatara aréa koléksina aya nu ditutup. Nu matak jadi panasaran kana koléksi ngeunaan Indonésia boh nu di Troopenmuseum boh di Perpustakaan KITLV. Kumaha nasib naskah-naskah kuna Indonésia? Nu kapikir téh naskah asal Indonésia baé, teuing koléksi nu asalna ti nagara lian mah.

Béja Perpustakaan KITLV tutup téh horéng geus sumebar di golongan pelajar Indonésia nu remen ngariung di dinya. Cék béja koléksi Perpustakaan KITLV rék dipasrahkeun jeung dikokolakeun sagemblengna ku perpustakaan kampus. Sakabéh koléksina, kaasup data-data ngeunaan Indonésia. Haté ngageuri.

Cenah ieu téh alatan waragad panalungtikan jeung ngokolakeun KITLV nu asalna ti pamaréntah Walanda dikurud. Padahal, KITLV maliré pisan kana kaayaan di Indonésia boh bihari boh kiwari.

“Samalah, tujuh ratus rébu koléksi ngeunaan Indonésia di Troopenmuseum can karuhan diteundeunna di mana, lantaran loba teuing. Padahal geus dibagi-bagi di sawatara tempat, tapi keukeuh réa kénéh nu can katampung,” cék Pa Koko.

Naha Indonésia bisa ménta éta sakabéhna? Tangtu waé bisa! Sapanjang bisa nyadiakeun waragad keur ngirim ti Walanda ka Indonésia. Eh, tapi lain éta wungkul kétang, di Indonésia gé kudu sadia tempat keur neundeunna, bari sayaga ngokolakeun jeung ngarawatanana deuih. Lantaran pihak Walanda gé tangtu baris meredih jaminan perawatan jeung ngokolakeun nu enya-enya minangka saratna. Moal sambarangan.

*

Di luar KITLV, panonpoé méh surup. Tandaning kudu agé-agé ngeusian beuteung laju balik deui ka parpustakaan kampus neruskeun hanca gawé. Sapédah dikaluarkeun ti tempat parkiran, geleser diboséh.

La Rochélle, 22 Novembér 2013 – Paris, 2 Désémbér 2015

*Ditulis ku Sinta Ridwan jeung nu moto. Dialihbasa ku Atép Kurnia demi Majalah Cupumanik. Foto di luhur ti koléksi sorangan. Tulisan ieu aya di Majalah Cupumanik édisi Désémber 2015 di Rubrik Lalayang Girimukti. Nu badé unduh PDF-na, kulantaran ukuran na gedé, jadi dibagi dua, mangga: Cupumanik 112 Desember 2015 Khusus Hal 37-39 Panonpoé Méh Surup Di Léiden dan Cupumanik 112 Desember 2015 Khusus Hal 40-42 Panonpoé Méh Surup Di Léiden ieu daftar eusina Daftar Eusina Cupumanik 112 Desember 2015 

Kategori: Catatan dan Tulisan.