Galindeung Asmarandana

Oleh Sinta Ridwan
Judul Kidung Sinta – Galindeung Asmarandana

Lahir di Bandung, versi piano 2014
Musikalisasi oleh Mukti Mukti, dicipta 2014
Puisi karya Sinta Ridwan, ditulis 2011

1
Reup ongkléng nyimbutan wanci.
Simpéna ngeukeupan kuring.
Bet karasa aya hiliwir panggeuing,
ngajak miang tina jemplingna peuting.

Tapi peuting karasa linu nataku.
Hawar-hawar méré béja, béja
yén manéhna geus lunta duka kamana.
Nilar tapak nu nyérését na haté.

Kuring kudu muru isuk.
Srangéngé baris mapag ku haneut poé.
Tur japati nu bekur na dahan umur.
Ngagalindengkeun tembang asmarandana.

Tapi peuting, karasa linu nataku,
da puguh manéhna miang.
Tapi peuting, duh, karasa linu nataku,
da puguh manéhna miang.

2
Isuk srangéngé rék midang.
Japati bagja patingbalekur,
ngadalingdengkeun tembang,
ngagalindengkeun asmarandana.

Sukma kuring nu hapa bodas,
dipirig tarikna jelegur ombak,
nalika maca surat kasmaran,
tina pangharepan anyar.

°°°

Foto diambil pada 30 Mei 2014 di Paris.

Kategori: Musikalisasi dan Puisi.